Tatto mengrupa bagian tina seni gambar nu diapresiasikeun kana awak jelama. Dasarna sarua jeung ngalukis atawa ngagambar. Seni Tatto geus aya ti jaman baheula mula. Tatto bisa oge jadi salah sahiji simbul nu nandakeun kalungguhan atawa darajat manusa ti hiji seler (suku). Di antarana wae seler Indian. Indian mah dina ngabedakeun seler nu hiji jeung nu sejenna teh di antarana tina tatto. Di nagara urang oge aya, Dayak salah sahijina. Pikeun urang Dayak mah tatto mangrupa ciri mandiri atawa simbul pikeun tokoh anu dianggap boga kalungguhan, derajat jeung prestasi.
Kaum wanoja oge loba nu di tatto, ti mimiti tattoo nu sipatna permanen tepi ka tatto nu sipatna temporary atawa tatto nu bisa dipupus jeung dileungitkeun deui. Aya oge tatto nu disebut permanen make up. Keur para wanoja mah bisa nambah kageulisan. Contona, bulu halis anu ipis bisa dikandelan atawa direka deui tepi ka leuwih alus ku jalan make tatto permanen make up. Para wanoja oge loba nu ditatto dina awak, leungen, jeung suku.
“Tatto bisa nanjeurkeun rasa percaya diri sangkan urang henteu minder atawa rendah diri. Sarengna deuih pikeun abdi pribadi, salah sahiji mangpaat tatto nu geus karaos, tiasa nutupan tapak raheut operasi, sareng tapak raheut nu sanesna. Ku jalan ditatto tapak raheut moal katinggal deui”. Kitu nurutkeun Reni salah saurang wanoja nu boga tatto dina awakna. Upama ditatto dina bagian awak nu biasa katinggal ku batur saperti leungen jeung suku, Reni mah milihna ditatto temporary nu sipatna teu awet, bisa dipupus jeung dileungitkeun deui atawa diganti deui ku gambar sejenna.
Husus dina beuheung Reni milih tatto nu gambarna mangrupa kongkorong. Jadi saliwatan mah katinggalna jiga kongkorong nyaan, mun disidik-sidik ti kadeukeutan kakara eces, eta teh tatto. Reni ditatto gambar kukupu jeung kembang dina bitisna.
“Nu ieu mah maksadna nutupan tapak bohak basa labuh. Kapan tapak bohakna teu katinggali deui nya? Moal isin teuing ari ditutup mah” ceuk Reni dina salah sahiji acara di Dago Bandung sawatara poe ka tukang.
Kamana atuh mun urang hayang ditatto?
“Kent Tatto” salah sahiji salon anu husus ngagarap widang seni tatto di jalan Wangsareja gang Ardisasmita No. 20 Bandung. Kent Tattoo geus 18 taun lilana muka usaha per “tatto”-an terus ngamekarkeun usahana pangpangna kualitas seni tatto-na.
Widang kasehatanana oge diperhatoskeun pisan. Tatto heunteu tiasa asal-asalan, margi jihat kasehatan sareng kaamanan anu ditatto oge kedah kacida diperhatikeunana. “ceuk Ari Manajer promosi Kent Tattoo
“Paparabotan nu dianggo keur tatto ayeuna mah benten sareng kapungkur. Jamann kapungkur mah sok aya nu ngangge gading gajah di antawisna. Tapi ka dieunakeun mah nganggo dinamo. Tah, ayeuna mah tos nganggo sistim koil. Sistim koil mah sistim citak, dina tempona ditempelkeun kana kulit teh langkung rapih sareng setabil, janten moal aya nu jero teuing moal aya nu ipis teuing”, ceuk Ari ngayakinkeun.
Seni tatto bisa dibagi opat bagian, nu kahiji tatto permanen, gambar atawa tulisan nu di “tatto” keun kana awak. Nu kadua Permanen Make Up, contona nyieun karang, nyieun halis, tepi ka ngareka model biwir. Katilu Tattoo Temporary, tatto nu sipatna henteu lana, aya nu ngan saukur sabulaneun atawa tilu bulaneun jeung warnana oge hideung wungkul. Nu kaopat Tatto Body Painting, sipatna mah sarua jeung tatto temporary tapi nu ieu mah warnana rupa-rupa kari milih hayang anu kumaha. Nattona make koas atawa make sistim “Air Brush”. Jadi bagian awak nu hayang ditatto langsung dilukis make mangsi. Eta lukisan teh sipatna henteu permanen. Kulantaran kitu bisa gunta-ganti. Ngabersihanana leuwih gampang sebab sipatna teu lana tea.
Mangsi tatto nyerep di antara kulit jeung daging lebah anu disebut “epidermis”. Baheula mah aya anu nyerep jero tepi kana daging. Mun ditinggal dina kacamata medis moal ngabahayakeun, sebab mangsi mah teu ngaganggu peredaran darah, jadi moal infeksi. Tatto nu sipatna permanen tapi hayang dihapus, bisa bae tapi kudu dioperasi atawa dilaser.
“Jaman kapungkur mah ngicalkeun tatto teh sok aya nu diistrika atanapi nganggo soda api. Tapi upami di bandingkeun sareng cara medis mah langkung rapih jeung aman ku cara medis”. Kitu nurutkeun Ari nu kapapancenan nyekel bagian “piercing” sarupaning asesoris anu biasa diparake ku nu awakna ditatto. Maksudna meuren supaya leuwih payus, lian ditatto teh, make anting gede, ceuli diantingan gede, irung jeung bisir oge diantingan jiga urang Aprika.
60 Persen wanoja Nu daratang ka Kent Tattoo, ti mimiti barudak rumaja, mahasiswa, pagawe, tepi ka artis nu hayang di tattoo sangkan aya ajen artistik nu mandiri. Malah lolobana kaum wanoja. “60 persen nu dongkap ka dieu teh wanoja., ti ngawaitan nu ditattoo permanen, temporary dugi ka body piercing” Ceuk Ari.
“Artis nu kamari ieu dongkap ka dieu, diantawisna Fahri Albar Putrana Ahmad Albar ti Rini S Bono, Sareng Mercy Ogota, Ditattoo dina Cangkeng sareng bagian badan anu sanesna” Ceuk Ari Tumali jeung lobana sangkaan, malah tudingan anu nyebutkeun jalma-jalma anu di tattoo mah umumna baragajulan, jalma teu bener, morpinis jeung sajabana, kumaha nurutkeun ais pangampih Kent Tattoo Shop?
Cuek Ari “Nu ditattoo can tangtu jalma baragajulan. Mun ditingal tina seni mah, tattoo bisa nimbulkeun rasa percaya diri.”
Seperti jaman kiwari loba artis artis nu resep di tattoo salian ti mdeu, umumna seni tattoo dibutuhkeun keur fashion saluyu jeung widang pagawean para artis. Seperti penyanyi nu rek manggung saharitaeun butuh tattoo keur nambah daya tarik atawa pemikat.
Atawa artis/aktor sinetron, keur kepentingan seni peran, anu kabenran kudu maen jadi tokoh anu ditattoo, sok ngadadak make tattoo temporary anu bis adipupus deui tea. Aya aya oge anu ditattoona dina leungeun, beuheung, suku jeung bagian badan jeung nu sejenna. Saluyu Jeung peran nu dimaenkeunana tampolana tattoo diperelukeun keur nguatan karakter figur anu dimaenkeunana.Contona tokoh nu dimaenkeunana alien, primitip, pareman, Jeung peran peran nu sejenna deui. Tangtu figur figur anu kitu mah nurutkeun tradisi ngagedekeun tatto, lebah dieu tatto kacida dipikabutuhna keur nguatkeun karakter tea. Hal eta nyirikeun, tatto geus jadi pangabutuh dina enggoning nunjang kualitas seni peran anu dimaenkeun ku para bintang. Tangtuna oge ari figur Ustad atawa kiyai mah teu butuh ku tatto tapi budak bengal anu goreng ka kolot seperti nu sering dipintonkeun dina hidayah mah, keur nguatkeun karakter Si anak, perelu ditatto. Atawa preman, karaman jeung sabangsana, geus pasti ditatto.
Sejen deui jeung Piet Pagau salah saurang aktor senior nu memang geus make tatto dina tonggongna, sanajan keur maen pilem atawa sinetron seperti waktu Piet maen jadi jalma anu dangdananana kabaheulaan tattoo dina tonggongna katingal, ah teu nanaon. Piet teu ngarsa karagok jeung teu aya pangaruhna, sanajan ceuk carita dina sinetron heunteun make tattoo. Da eta mah geus jadi ciri mandiri keur Piet Pagau. Kitu deui aktor-aktor sejenna anu geus baroga tattoo anu teu bisa dipupus.
Penyanyi geulis, Dewi Sandra oge tampolana keur kapentingan pagelaran sok rajeun make tattoo. Tapi tattoo temporary tea anu dipakena teh sakadar keur variasi. Tattoo keur nunjang sukses di panggung pagelaran sakadar keur mamanis, babakuna keur istri biasana dipasangna di bagian badan anu matak geregeteun batur. Kusabab Dewi mah kaasup nu resep motah dipanggung, ditattoona mun teu dina panangan,dina bitis, dina taktak atawa dina bagian badan anu sejenna. Najan kuer motah ajret-ajretan, eta tattoo bakal katingal jojorelatan matak panasaran nu narongton. Ari Dewi, naha eta teh tattoo permanen atawa henteu nya? Memang henteu permanen, da milihna ge tattoo nu bisa gancang dipupus deui. Dina milih gambar tatto-na oge Dewi Sandra mah selektip pisan.
Tampolana Dewi sok ngengetan heula kaayaan para panongtonna, disaluyukeun jeung pestana, naha dina raraga naon jeung saha anu boga hajatna, instansi, sipil atawa militer jeung sajabana. Titen turta telik pisan Dewi Sandra mah, maksudna supaya henteu aing-aingan pokna teh. Panongton oge ditengetan pisan, seueur pameget atanapi istri? Ku jalan kitu Dewi bisa nyaluyukeun gambar tattona, naha kudu kembang, sasatoan, saperti manuk galatik atawa parkit, sireum atawa naon we sasatoan anu lalucu. Mun tamuna loba istri nya tangtu Dewi milih kembang. Umumna pilihanana teh eros beureum. Bisa oge make gambar grafiti, abstrak.
Mun dipatalikeun jeung rumaja jaman ayeuna nu sok marake tatto, umumna tatto barudak rumaja mah ngan saukur modeu.Sangkan bisa gunta-ganti gambar, marakena teh tatto temporary nu maol kuat lila tea saperti nu dipilih kiu Dewi Sandra.
Teu Identik Jeung “Preman”
Memang bener tatto sok dituding identik jeung pareman, sabab baheulana anu mimiti marake tatto teh karaman atawa manusa-manusa kriminal. Teu kapalang sakujur awakna ditatto jiga baju. Ka tukang-tukang mah saha anu ditatto pasti dicuriga, ditalingakeun. Jaman karaman dikarungan (Petrus), bruhbreh kanyahoan. Naha bener nu marake tatto umumna karaman? Rata-rata nu dikarungan memang marake tatto, husus pisan. Mun teu gambar oray naga, gambar-gambar anu diparake ku manusa-manusa kriminal mah kalajengking, babakaur, maung, oray sendok jeung sabangsana. Bisa dibedakeun jeung tatto nu aya dina badan jalma biasa atawa nu lain pareman. Jaman baheula mah da ngan pareman anu ditatto teh,” teu aya nu wani masarakat biasa mah ditatto, nya eta sieun dituding preman, tangtu waktu kajadian petrus milu dikarungan. Tah, ka dieunakeun breng ... loba anu marake tatto marawa tujuanna masing-masing. Nu hayang gaya wungkul, nu pasang aksi jeung hayang nyoba wungkul, jeung anu memang resep ditatto, rupa-rupa pisan.
Jeung deui biasana manusa-manusa kriminal mah tattona oge anu tembus kana daging tea. Ditattona oge ku gading tea baheula mah. Kadieunakeun najan pareman nyaluyukeun diri jeung kamekaran, jeungna deui tatto geus nunjang deui kana kagiatan dunya kajahatan. Malah lobana ayeuna mah tatto sakujur awak tea, gambar kembang raranggeuyan leuwih nyeni. Kulantaran kitu hese nangtukeunana, naha pareman naha lain anu ditatto teh, sabab kapan artis/ aktor oge geus loba anu di tatto,seperti Piet Pagau jeung Dewi Sandra, tatto geus nambah inpentaris kalangenan bangsa indonesia. Malah barudak leutik oge, ieu anu matak prihatinna teh, raresep ditatto. Bedana ari barudak mah tatto tempel tea, nu tina keretas endog, ditempelkeun kana leungeun, bitis kana naon we saluyu jeung kahayang budak. Malah aya oge anu ditempelkeun kana baju diistrika,jadi alus ceuk budak mah. Sanajan maksudna lain tatto maranehna tinggorowok ...abdi ditatto euy! Bari ajret-ajretan. Barudak TK wae geus nyarahoeun kia nu disebut tatto. Loba anu protes sangkan tatto mah ulah disosialisasikeun ka barudak, sumawonna Balita saperti TK, sawios kumaha bae oge luhur teuing seni tatto ka barudakeun mah, saur sawatara ibu-ibu di TK pleus.
Kulantaran kitu, anu daragang cocooan barudak anu sok ngadasar di emper-emper sakola alusna dipariksa ditengetan, barang naon bae anu dijarualanana ka barudak. Saperti buku tulis gambarna artis make busana satengah bugil, kapan teu ngadidik kahadean. Buruan sakola ka dieunakeun geus dipinuhan ku tukang-tukang dagang anu ngajarualan rupa-rupa pangaresep barudak, diantarana keretas tatto tea.
0 Response to "MENS KANVAS HIDUP"
Post a Comment